1. Pupuhu Kaprésidénan nu diwangun ti tilu anggota.
Bosnia jeung Hérzégovina, ogé kawanoh salaku Républik Bosnia jeung Hérzégovina, mangrupa hiji nagara di samenanjung Balkan di Éropa kidul. Legana 51.129 km² (19.741 mil2). Populasina kira-kira opat yuta. Nagara Bosnia dikenal dina basa resmina salaku Bosna i Hercegovina dina hurup Latin jeung Босна и Херцеговина dina hurup Sirilik; tapi tiasana, dipondokkeun kana Bosnia, BiH, atawa БиХ .
Diwatesan ku Kroasia di kalér, kulon jeung kidul, Sérbia di wétan, jeung Monténégro di kidul, Bosnia jeung Hérzégovina mangrupa hiji nagara nu dikurilingan ku daratan iwal hiji basisir leutik Laut Adriatik-na nu panjangna 20 km museur dina kota Neum. Ibu kota nu ogé kota panggedéna nytaéta Sarajévo.