Lompat ke isi

Kaca eunteung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Kaca Eunteung)
Kaca Eunteung

Kaca eunteung nyaéta geblégan kaca nu sabeulahna diulasan sabangsa cét pikeun ngeunteung, sok disebut ogé eunteung.[1] Nangtung hareupeun eunteung bisa nyaho kana rupa sorangan.[1][2]

Salila rébuan taun, kaca-kaca anu dipaké ku manusa dijieun tina logam anu geus digosok kuningan, parunggu, pérak, atawa emas.[3] Kira-kira dina taun 1300, para pengrajin di Venice manggihan hiji cara pikeun nyieun eunteung-eunteung ku kaca ku cara ngabeuleum lapisan cai raksa sarta timah.[3] Kalayan pohara gancang, eunteung-eunteung ti kaca ieu ngagantikeun eunteung-eunteung tina logam.[3] Tapi eunteung-eunteung kaca ieu téh jauh ti sampurna.[3] Dina taun 1691, di Perancis kapanggih hiji cara pikeun nyieun kaca lempengan.[3] Alatan kaca lempengan leuwih beurat sarta cemerlang, kaca éta jauh leuwih luyu pikeun eunteung-eunteung tinimbang kaca-kaca biasa.[3]

Kamajuan saterusna nyaéta dipakéna lapisan pérak ipis dina bagian tukang eunteung sarta lain tina campuran timah cai raksa.[3] Lain ukur ngan uap cai raksa anu picilakaeun pikeun para pagawé, tapi lapisan pérak anu anyar éta ogé mantulkeun leuwih loba sinar-sinar lampu sarta leuwih alus pikeun dipaké minangka eunteung.[3] Ieu ogé ngarah kana beuki gancangna prosés pembuatan sarta nyieun eunteung leuwih murah.[3]

Mangsa kiwari, kaca lempengan anu kandelna saparapat inci dipaké pikeun nyieun eunteung-eunteung kelas hiji.[3] Kaca dipotong nurutkeun ukuran anu dipikahayang kalayan ngagunakeun pemotong inten.[3] Di "pabrik pengasahan", tungtung-tungtung kaca dikokolakeun ku keusik sarta cai.[3] Saterusna, dilicinkeun jeung batu keusik lemes sarta digosok kana lawon-lawon panggosok anu dilapis ku pulas.[3]


Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  2. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  3. a b c d e f g h i j k l m (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press