Lompat ke isi

Tukang (profési)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Tukang)


Tukang nyaéta jelema anu miboga kaparigelan dina hiji pakasaban leungeun, digawena ku pakakas atawa bahan anu tangtu contona batu, beusi, kai.[1] Tukang ogé bisa disebut jelema anu pakasabanana barang jieun (ngajual, ngabenerkeun, jsb) hiji hal anu tangtu: contona ngajual daging (sayur, susu), arloji, pedati (gerobak, béca]]), sarta tukang ogé nyaéta jelema anu pakasabanana ngalakonan hiji hal sacara tetep contona tukang cukur, las, kaput, masak, nyitak jsb.[1]

Ngaran patukangan[édit | édit sumber]

  1. Anjun: tukang nyieun parabot tina taneuh[2]
  2. Bujangga: tukang nyieun/nulis carita
  3. Candoli: tukang ngajaga pabéasan di nu kariaan (biasana awéwé)
  4. Gending: tukang nyieun parabot tina kuningan
  5. Kabayan: tukang dititah ka ditu ka dieu
  6. Kajineman: 1) mandor sakitan 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
  7. Kamasan: tukang nyirun parabot tina emas atawa pérak
  8. Kabojengkeng: tukang ngagsur padati
  9. Kulaer: kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung
  10. Kuncen: tukang ngurus kuburan
  11. Legig: tukang ngasruk dina pamoroan
  12. Malim: tukang nalukkeun sasatoan
  13. Maranggi: tukang nyieun ladéan jeung sarangka keris
  14. Marebot: tukang nakol bedug
  15. Nyarawedi: tukang ngagosok permata
  16. Pakacar: tukang juru laden
  17. Palatuk: iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
  18. Paledang: tukang nyieun parabot tina tambaga
  19. Palika: tukang teuleum (ngala lauk)
  20. Pamatang: tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak)
  21. Pamayang: tukang ngala lauk dina laut
  22. Panday: tukang nyriun parabot tina beusi
  23. Paneresan: tukang nyadap
  24. Paniggaran: tukang moro ngagunakeun bedil
  25. Reno: selebgram
  26. Sarati: tukang ngusir gajah[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b (id)[1] Archived 2011-03-19 di Wayback Machine (Diakses tanggal 29 Oktober 2011)
  2. Danadibrata, R.A (1862). Kamus Basa Sunda. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 29. Diakses tanggal (disungsi) 21 Pébruari 2021. 
  3. Hadi, Drs. Ahmad (1991) Peperenian. Bandung; Geger Sunten. Kaca 32