Lompat ke isi

Abdullah bin Abbas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Abdullah bin Abbas (Bahasa Arab عبد الله بن عباس) nyaéta salah saurang Sahabat Nabi, ogé mangrupa anak ti Abbas bin Abdul-Muththalib, paman ti Rasulullah Muhammad SAW.[1] Abdullah bin Abbas dikenal ogé Ibnu Abbas (619 - Thaif, 687/68H).[1]

Ibnu Abbas mangrupa salah saurang sahabat anu miboga pangaweruh anu lega, jeung loba hadits sahih anu diriwayatkeun ku Ibnu Abbas, beliau ogé nurunkeun kabéh Khalifah ti Bani Abbasiyah.[1]

Biografi[édit | édit sumber]

Kaluarga[édit | édit sumber]

Abdullah bin Abbas bin Abdul Muththalib bin Hasyim gumelar di Mekkah tiga taun saacan hijrah.[2] bapana nyaéta Abbas bin Abdul-Muththalib, paman Rasulullah, sedengkeun indungna Lubabah binti Harits anu dibéré sebatan Ummu Fadhl nyaéta dulur ti Maimunah, pamajikanna Rasulullah.[2] Beliau dikenal ku sebatan Ibnu Abbas. Salian ti éta, anjeunna ogé disebat dengan Abul Abbas.[2]

Bapa ti Ibnu Abbas jeung bapa ti Nabi Muhammad mangrupa anak ti jelma anu sarua, nyaéta Syaibah bin Hâsyim, atawa anu leuwih dikenal Abdul-Muththalib.[1] Bapana Abdul Muththalib nyaéta Hasyim bin Abdulmanaf, panerus ti Bani Hasyim ti suku Quraisy anu terkenal di Mekkah.[1] Ibnu Abbas ogé boga dulur nu ngaranna Fadl bin Abbas.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]