Gunung Latimojong
Tampilan
![](http://chped.net/https/upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/c/c9/Lambang_Kabupaten_Enrekang.jpeg/85px-Lambang_Kabupaten_Enrekang.jpeg)
Gunung Latimojong nyaéta gunung nu pangluhurna nu aya di Sulawesi Kidul, kalawan luhurna nepi ka 3.680 m.[1] Gunung ieu boga tujuh puncak kalawan puncak pangluhurna disebut Rante Mario.[1]
Déskripsi[édit | édit sumber]
Puncak gunung nu pangluhurna di pulo Sulawesi nyaéta pagunungan Latimojong.[2] Puncak gunung Rante Mario nepi ka 3.680 m.[2] Pagunungan Latimojong ieu perenahna di Kabupatén Enrekang, propinsi Sulawesi Kidul.[2] Sedengkeun kordinatna nyaéta 3o 22' 54" LS jeung 120o 1' 43" BT.[2] Gunung ieu mangrupa gunung nu teu aktif atawa euweuh magmaan.[2] Aksés rute normal pendakian mimitina ti désa Karangaan.[2]