Lompat ke isi

Ingklinasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Fig. 1: One view of inclination i (green) and other orbital parameters

Ingklinasi nyaéta juru antara widang nu jadi acuan jeung widang nu diukur kadéngdékanana.[1] Jadi ingklinasi ieu juru anu diwangun ku jarum kompas jeung widang datar.[2] Dina mikroskop ingklinasi ieu dimaksudkeun pikeun ngatur déngdékna mikroskop pikeun nalungtik biji objék.[3]

Ingklinasi umumna dipaké dina widang astronomi nu jadi hiji ti genep paramétér orbit dina elemén Képler nyaéta ékséntrisitas, aksis semimayor, ingklinasi, jsté., nu kasakumna ngagambarkeun wangun jeung oriéntasi orbit banda langit. Ingklinasi bisa disebut minangka jarak anguler antara widang orbit planét kana widang nu jadi acuan (umumna ékuator marcapada, panonpoé, atawa mah Yupiter) nu diébréhkeun ku darajat. widang nu jadi acuan umumna nyaéta ékuator marcapada nu mana paniténan leuwih loba dipilampah di marcapada.[4]

Kalolobaan orbit planet-planet jero di lingkungan tata surya mibanda ingklinasi anu kawilang leutik kana ékuator panon poé alatan tina kajadian gumelarna tata surya ieu jeung ayana hubungan séjénna anu pakait. Kajama tina asteroid Eris (44 darajat inglinasi kana ékuator panon poé) sarta Pallas (34 darajat inglinasi) sarta Pluto (17 darajat inglinasi).

Inklinasi
Nama Inklinasi
terhadap ekliptika (derajat)
Inklinasi
terhadap ekuator Matahari (derajat)
Inklinasi
terhadap bidang invariable (derajat)
Planet kebumian Merkurius 7.01 3.38 6.34
Venus 3.39 3.86 2.19
Bumi N/A 7.155 1.57
Mars 1.85 5.65 1.67
Raksasa gas Jupiter 1.31 6.09 0.32
Saturnus 2.49 5.51 0.93
Uranus 0.77 6.48 1.02
Neptunus 1.77 6.43 0.72
components of the calculation of the orbital inclination from the momentum vector

Inglinasi satelit alami kitu deui satelit jieunan diukur dumasar kana benda langit anu dikurilinganna. Pikeun benda langit anu widagng ékuatorna hésé di pikanyaho, inglinasi satelitna baris ditengtukeun dumasar kana ékuator sistemna (conto, umpama tumiba kana marcapada, maka ékuator bulan baris ditangtukeun dumasar kana ekliptika sistem tata surya).

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Chobotov, Vladimir A. (2002). Orbital Mechanics (3rd ed.). AIAA.
  • McBride, Neil; Bland, Philip A.; Gilmour, Iain (2004). An Introduction to the Solar System. Cambridge University Press.
  • Bidang invariabel


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Saktiyono, lutfi, Mikrajuddin (2013). IPA TERPADU : - Jilid 3BSaktiyono, lutfi. Jakarta: ESIS. p. 13. ISBN 9789797344658.  Disungsi 29 Juni 2024
  2. Rusmiyanto, Joko Priyana, Nunik Sugesti, Dyah Setyowati Ciptaningrum, M.R. Adlan, Agung Nugroho, Supliyadi, M. Zajuri, Anna Winarsih, Sulistyoso Handoyo Prabowo, Wahono (2010). Siap Menghadapi Ujian Nasional SMP/MTs 2010Rusmiyanto, Joko Priyana, Nunik Sugesti, Dyah Setyowati Ciptaningrum, M.R. Adlan, Agung Nugroho, Supliyadi, M. Zajuri, Anna Winarsih, Sulistyoso Handoyo Prabowo. Jakarta: Grasindo. p. 367. ISBN 9789790258938.  Disungsi 29 Juni 2024
  3. Nur Halimah, Penerbit Pustaka Rumah C1nta, Dewi (2010). Buku Pendalaman Materi (BUPERI) Ilmu Pengetahuan Alam: SMP/MTS Kelas VIINur Halimah, Penerbit Pustaka Rumah C1nta. Jakarta: Penerbit Pustaka Rumah C1nta. p. 140. ISBN 9786236928622.  Disungsi 29 Juni 2024
  4. Cahyono, Hendarto (2019). Geometri Analitik BidangCahyono. Jakarta: UMMPress. p. 25. ISBN 9789797964139.  Disungsi 29 Juni 2024