Lompat ke isi

Kukuyaan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kukuyaan; Breum nyaéta mangrupa insékta leutik anggota Coccinellidae kulawarga bangbung, nu ngawengku leuwih ti 4.500 spésiés. Awak kukuyaan bentukna buleud, kalawan diaméter ukur 1 - 10 mm, ilaharna boga warna karapas dasar konéng, oranyeu, atawa beureum ditambah tutul hideung, sedengkeun suku jeung huluna mah hideung.[1]

Biologi[édit | édit sumber]

Kukuyaan boga kelir caang pikeun ngusir prédator. Cara ieu téh jétu pisan, sabab prédator nyangka yén nu kelirna caang kitu mah biasana aya racunan.

Mangpaat komersil[édit | édit sumber]

Kukuyaan téh nguntungkeun pikeun tatanén organik, sabab lolobana inséktivora, ngahakanan apid, laleur buah, sarta insékta hama lianna.

Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]


  1. Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Universitas Harvard: Lange. p. 65.  Disungsi 27 Mei 2024