Lompat ke isi

My Chemical Romance

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Mya Chemical Romance keur manggung di the Big Day Out music festival, Perth, Australia

My Chemical Romance nyaéta grup musik punk-rock asal New Jersey, Amerika Serikat anu di bentuk ku Gerrard Way jeung Matt Pelisher taun 2001 sabada serangan WTC 11 September[1]. Ngaran My Chemical Romance sorangan ku adina Gerrard Way, Mikey Way anu basa éta keur maca buku Ecstacy: Three Tales of Chemical Romance, terus dijieun wé ngaran My Chemical Romance[1]. Personil ayeuna nyaéta Gerard Way (vokal), Mikey Way (bass), Ray Toro (léad guitar), Frank Iero (gitar), jeung Mike Pedicone (ex-drum)[1]. MCR geus sababaraha kali ganti personil, awalna Matt Pelisher anu digantikeun ku Bob Dryar. Terus Bob Dryar digantikeun ku Mike Pedicone[1][2]. Ayeuna Mike dikaluarkeun sabab keuna kasus. Mike katewak nalika keur maok barang, nepi ka ayeuna can puguh saha anu ngagantikeun Mike Pedicone[2]. Tapi aya wacana, yén anu ngagantikeun posisina téh nyaéta Jarrod Alexander ti grup musik Déad Country[2].

Karir[édit | édit sumber]

Album pertamana dijudulan I Brought You My Bullets, You Brought Me Your Love anu dirilis taun 2002[1]. Sanggeus ngaluarkeun album pertama, MCR resmi nandatanganan kontrak jeung Reprise Records terus nyieun album THREE CHEERS FOR SWEET REVENGE anu dirilis taun 2004[1]. Nyusul suksés album kadua, album katilu MCR direkam tanggal 10 April 2006 kalayan ngaran The Black Parade[1]. Album katilu MCR meunang panglélér drup musik alternatip pangalusna dina American Music Award 2007, jeung the best band taun 2007 versi NME award[1] s. Taun 2010, albumDanger Days: The True Lives of the Fabulous Killjoys dirilis. MCR ogé kungsi nyieun biografi anu judulna Something Incridible This Way Come, ditulis ku Paul Stenning[1].

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i My Chemical Romance-Kapanlagi.com[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 26 Oktober 2011)
  2. a b c Okezone.com[tumbu nonaktif](diaksés tanggal 26 Oktober 2011)