Lompat ke isi

Patin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Patin
Temporal range: Miocene–Recent
Pangasius hypophthalmus
Klasifikasi ilmiah e
Missing taxonomy template (fix): Arioidea
Kulawarga: Pangasiidae
Bleeker, 1858
Genera

Cetopangasius
Helicophagus
Pangasianodon
Pangasius
Pseudolais

Peta Persebaran Ikan Patin

Patin nyaéta hiji lauk kumisan anu asalna tina ordo (Siluriformes) kalayan asup kana kulawarga Pangasiidae. Ngaran "patin" ogé nunjul kana salahsahiji lauk anggotana, P. nasutus. Golongan lauk iéu mibanda niléy ékonomi, saperti patin siam (P. hypophthalmus syn. P. sutchi, sababaraha pustaka menyebutna jambal siam).[1] Barayana anu hirup di Susukan Mekong, P. gigas, dipikawanoh alatan pangawakanna anu gedé, panjangna bisa ngahontal kana dua méter leuwih.[2]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Ilaharna lauk patin mibanda kelir bodas pérak, dua pasang kumis anu pondok, henteu mibanda sisit, kalawan hirup ngabubuhan.[perlu cutatan] Habitatna aya di sisi susukan gedê, muara, jeung situ.[3] Dibandingkeun jeung patin bikang, lauk patin anu jalu leuwih gancang ngagefeanna.[4]

Daging[édit | édit sumber]

Lauk patin dagingna mibanda loba vitamin jeung mineral anu gedé mangfaatna pikeun kaséhatan tur kacerdasan. Kandungan gizi anu dipibanda ku lauk patin tayalian protein, asam lemak, jeung oméga 3.[5] Tékstur lauk patin kasebut gurih sarta hipu. Ilaharna lauk patin dikonsumsi dina kaayaan segar atawa diproduksi dina wujud beunang motongan.[6]

Dina palebah masarkeun, fillet daging lauk patin dijual kalayan sebutan fillet dori,[7] tur henteu sarua karakter jeung animasi "Dory" dina film animasi Finding Dory anu tayalian lauk tinai genus Paracanthurus.

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. "Pemanfaatan Daun Seligi sebagai Pakan Patin Siam". Unair News (dalam id-ID). 2021-10-04. Diakses tanggal 2022-01-15.  Archived 2023-07-07 di Wayback Machine
  2. "Fishing Worldrecords | catfishes over 50 kg | Pangasianodon gigas". www.fishing-worldrecords.com. Diakses tanggal 2022-01-15. 
  3. "Ikan Patin, Segalanya Kamu Harus Tahu tentang Patin | Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan". dkpp.bulelengkab.go.id. Diakses tanggal 2022-01-15. 
  4. Gina Purwati, Triyono (2020). Kiat Sukses Bisnis Ikan PatinGina Purwati. Malang , Indonesia: Elex Media Komputindo. p. 33. ISBN 523005742 Check |isbn= value (bantuan).  Disungsi5 Juli 2023
  5. "Aneka Manfaat Ikan Patin Yang Kaya Akan Omega-3 | Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan". dkpp.bulelengkab.go.id. Diakses tanggal 2022-01-15. 
  6. redaksi. "Menduniakan Patin Indonesia | Bisnis Bandung" (dalam id-ID). Diakses tanggal 2022-01-15. 
  7. Devi Setya (Citakan:ISO date/en). "Terungkap! Ikan Fillet Dori Ternyata Ikan Patin". https://food.detik.com/info-kuliner/d-5066694/terungkap-ikan-fillet-dori-ternyata-ikan-patin. [tumbu nonaktif][tutumbu nonaktip permanén]