Lompat ke isi

Taufik Faturohman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Taufik Faturahman

Taufik Faturohman Drs. Taufik Faturahman dilahirkeun di Pagerageung, Tasikmalaya, 10 Méi 1959. Anjeunna mangrupa pangarang karya sastra Sunda ogé panulis buku Pelajaran. Kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda IKIP Bandung entragan taun 1978. Saparantos lulus anjeunna teu jadi guru tapi digawé di widang jurnalistik. Jadi rédaktur Sk. Sipatahunan (1978-1981), Manglé (1981-1986) jeung Majalah Cakakak (1987-1989). Waktu jadi redaktur Manglé, ngawangun Penerbitan Medal Agung, nu geus nerbitkeun sababaraha buku. Antukna anjeunna eureun jadi wartawan tur fokus kana usaha medalkeun buku, éta penerbitan téh dingaranan Geger Sunten.

Nikah sareng Cicih Sundarsih Mojang Panorama, Bandung ping 26 Oktober 1980. Ngarundaykeun 4 putra/putri diantawisna; Wening Gemi Nastiti, Ginulur Nugraha, Nugraha Aulia Gagah tur Cita Weningtyas.

Dina kaorganisasian, Taufik kungsi jadi Ketua Umum Senat Mahasiswa FPBS IKIP Bandung, Pengurus Pusat Paguyuban Pasundan (PP); Pengurus Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS), Pengurus IKAPI Jawa Barat, Dewan Kesenian Jawa Barat, Ketua Harian Persib Bandung, Pupuhu Komunitas Sulap (KSB), Pingpinan Pusat Budaya Pagerageung, Tasikmalaya, tur kiwari jadi pupuhu komunitas Kilinik Basa.


Karancagé Taufik Faturahman diantarana nyaéta medalkeun istilah Borangan wancahan tina ngabodor sorangan (istilah basa Sunda pikeun stand up comedy), Carponn (carita pondok naker) jeung Sudong wancahan tina Sulap jeung Dongéng.


Karya

Kun Fayakun (1983)

Sajak-sajak Cilauteureun (1983)

Ulikan Sastra Sunda (1983)

Tatabasa Sunda (1983)

Cupumanik (1984)

Piwulang Basa jeung Gapura Basa (1987)

Peperenian (1989)

Wasiat Konglomerat (1995)

Beregejed

Patepung di Bandung (1995)

Padika Nulis Carponn: Carita Pondok Naker (2017)

Tembang Pagerageungan (2018)


Penghargaan

Hadiah Samsudi pikeun Novel Patepung di Bandung taun 1996

Anugerah Gubernur Jawa Barat Bidang Seni Budaya tahun 2013

Anugerah Tokoh Kebahasaan dan Kesastraan Kategori Pelestari Bahasa Daerah taun 2016

Anugerah Budaya Kota Bandung Tahun 2021 diserahkan oleh Bupati Bandung Oded M.



Daptar Sastrawan Sunda
Aam AmiliaAan Merdéka PermanaAbdullah MustappaAcép Zamzam NoorAchdiat Karta MihardjaAdang SAyip RosidiAhmad BakriAkub SumarnaApip MustapaApung Supena WiratmajaArthur S. NalanAyatrohaédiBéni SetiaBudi Rahayu TamsyahCécép BurdansyahDadan SutisnaDarpanDédén Abdul AzizDédy WindyagiriDodong DjiwapradjaDuduh DurahmanDyah PadminiEddy D. IskandarElin SyamsuriÉtti R.S.Godi SuwarnaHadi AKSHasan Wahyu AtmakusumahHawé SetiawanHérmawan AksanHidayat SuryalagaHolisoh M.EIskandarwassidJeihanJuniarso RidwanKarna YudibrataKarno KartadibrataKi UmbaraKis WSM.A. SalmunMéméd SastrahadiprawiraMoch. AmbriNanéng DaningsihNingrum DjulaéhaNano. SNazarudin AzharPopon SaadahRahmat M.A.SRahmatullah Ading Affandie (RAF)Ramadhan K.HRustandi KartakusumaSaéful BadarSaini K.M.Sajudin NatadisastraSamsoediS.M. ArdanSoni Farid MaulanaSunarya P.K.Syarif AminTatang SumarsonoTaufik FaturohmanTéddi MuhtadinTini KartiniUsép RomliUs TiarsaWahyu WibisanaYayat HéndayanaYooke TjuparmahYoséph IskandarYuhanaYus RusamsiYus Rusyana