Lompat ke isi

Taufik Hidayat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Taufik Hidayat

Taufik Hidayat nyaéta salah sahiji pamaén badminton Indonesia nu geus kasohor ka sakuliah dunya ti klub Sangkuriang Graha Sarang Eléktrik Bandung.[1] Lahir di Bandung, Jawa Barat 10 Agustus 1981.[2] Meunangkeun medali emas keur Indonesia dina Olimpiade Athena 2004 ngéléhkeun Seung Mo Shon ti Korea Selatan di babak final.[2]
Tanggal 21 Agustus 2005 jadi jawara dunya ngéléhkeun Lin Dak.[1] Salian ti éta, Taufik ogé kungsi nyangking jawara tunggal putra Asian Games (2003 jeung 2006), sarta genep kali jadi jawara di Indonesia Terbuka (1999, 2000, 2002, 2003, 2004, jeung 2006).[1] Pangalaman lianna nyaéta dina Piala Thomas (2000, 2002, 2004, 2006, jeung 2008) sarta Piala Sudirman (1999, 2001, 2003, jeung 2005).[2] Taufik nikah tanggal 4 Februari 2006 ka Ami Gumelar putrina Agum Gumelar jeung Linda Amalia Sari.[2]
Taufik mundur ti Pelatnas Cipayung dina tanggal 30 Januari 2009.[2] Sanggeus éta tuluy jadi pamaén profesional.[2] Kiwari keur ngokolakeun bisnis jeung Yonex dina widang alat-alat olahraga.[2]

Préstasi Tunggal[édit | édit sumber]

  1. Taun 1998: Juara Brunei Open.[1]
  2. Taun 1999: Juara Indonésia Open, Juara SEA Games.[1]
  3. Taun 2000: Juara Indonésia Open, Juara Malaysia Open, Juara Kejuaraan Asia.[1]
  4. Taun 2001: Juara Singapore Open.[1]
  5. Taun 2002: Juara Indonésia Open, Juara Taiwan Open, Juara Asian Games.[1]
  6. Taun 2003: Juara Indonésia Open.[1]
  7. Taun 2004: Juara Indonésia Open, Juara Kejuaraan Asia, Juara Olimpiade.[1]
  8. Taun 2005: Juara Singapore Open, Juara Kejuaraan Dunia.[1]
  9. Taun 2006: Juara Indonésia Open, Juara Asian Games.[1]
  10. Taun 2007: Juara Kejuaraan Asia, Juara Séa Games.[1]
  11. Taun 2008: Juara Macau Open.[1]
  12. Taun 2009: Juara US Open, Juara India Open.[1]
  13. Taun 2010: Juara Canada Open, Juara Indonesia GP Gold, Juara French Open SS.[1]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p Profil Taufik Hidayat Archived 2012-01-17 di Wayback Machine (Diakses tanggal 15 Nopember 2011) (id)
  2. a b c d e f g Taufik Hidayat Archived 2012-01-16 di Wayback Machine (Diakses tanggal 15 Nopember 2011) (id)