Lompat ke isi

Taylor Swift

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Taylor Swift at the 2019 iHeartRadio Music Awards

Taylor Alison Swift atawa nu leuwih kasohor ku sebutan Taylor Swift nyaéta salah sahiji musisi.[1] Lahir di Pennsylvania tanggal 13 Desember 1989.[2] Bakatna dina widang nyanyi geus aya ti leuluetik kénéh.[1] Swift dumuk di Pennsylvania bareng jeung kolotna sarta dulur lalakina Austin.[1]
Pangaresepna dina widang musik kapangaruhan ku LeAnn Rimes, Dolly Parton, Shania Twain, Patsy Cline, jeung ninina sorangan.[1] Nalika umurna 10 taun, Taylor Swift geus bisa nyieun lirik lagu sarta geus biasa minton hareupeun jalma réa.[1] Lulus ti Akademi Harun, sakola Kristen SMA Hendersonville, Tennessee dina bulan Juli 2008.[1][2] Sobat deukeutna nyaéta Selena Gomez, Miley Cyrus jeung Demi Lovato.[2] Ngamimitian debutna ngaliwatan jalur indi taun 2006.[1] Swift ngamimitian karirna kalawan ngrilis single Tim Mc Graw sarta langsung asup kana tangga lagu U.S.Billboard.[1]
Tanggal 24 Oktober 2006, Swift ngarilis albeumna kalawan judul Taylor Swift.[1] Ampir sakabéh lagu nu aya dina ieu albeum mangrupa ciptaan Swift sorangan.[1] Ieu albeum jadi jawara di tangga lagu Billboard Top Country.[1] Swift ogé ngaluarkeun albeum Sounds of the Season nu dirilis dina tangggal 16 Oktober 2007.[1] Taun 2008 ngarilis albeum Fearlees.[1] Tina ieu albeum, Swift dilélér hadiah Academy of Country Music Awards ka-44 dina kategori Album of The Year. Swift ogé narima crystal milestone salaku artis musik country.[1] Salian ti éta, Swift ogé meunangkeun BestFemale Video dina 2009 VMAs.[1]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o Taylor Swift (Diaksés tanggal 15 Nopember 2011) (id)
  2. a b c Biografi Taylor Swift Archived 2013-08-19 di Wayback Machine (Diaksés tanggal 15 Nopember 2011) (id)