Lompat ke isi

Tumpeng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sego Tumpeng
Tumpeng untuk selamatan

Tumpeng nyaéta kadaharan has masarakat Jawa anu sok kapangguh dina sagala rupa upacara, saperti salametan, muludan, ngaruat, atawa sukuran.[1] Komo ka béh dieukeun mah tumpeng téh teu ngan saukur pikeun upacara kaagamaan anu boga sipat sakral, tapi ogé pikeun perayaan-perayaan anu boga sipat profan, saperti acara tepang taun, sukuran mimiti bubuka film, sukuran bubuka tempat usaha, jsb.[1] Sangu anu dijieun congcot ieu dawam diteundeun dina tampah (nampan tina anyaman awi anu wangunna buleud) kalayan dikurilingan ku lauk jeung kadaharan séjénna.[1]

Cara Nyieun Tumpeng[édit | édit sumber]

Sangu tumpeng ampir sok jadi kadaharan istimiwa anu disajikan dina acara-acara husus. Ieu di handap mangrupa cara pikeun nyieun tumpeng :

  1. Campur 200 g béas ketan bodas jeung 1 kg béas, sangkan sangu tumpeng jadi pulen sarta gampang dijieun.[2]
  2. Keueum campuran béas salila 8 -10 jam sangkan gancang asak sarta hasilna alus, tuluy seupan salila 1/2 jam nepi ka satengah asak.[2]
  3. Asupkeun béas nu geus diseupan kana cai santen anu ngagolak, bareng jeung daun salam/daun pandan sarta uyah, tuluy diasakan nepi ka cai santenna saat/béak.[2]
  4. Tambahan sasendok cai jeruk nipis dina unggal 1.500 ml santen.[2]
  5. Sanggeus béas asak, ulah digalok deui, ingkeun dina panci anu nutup salila 15 menit, kakara seupan nepi ka garing sarta asak.[2]
  6. Sangkan alus, paké hiasan tina wortel, peterseli, bangkoang, cabé beureum, tomat, atawa sayuran séjén.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c (id)filosofi tumpeng[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 12 November 2011)
  2. a b c d e f (id)membuat tumpeng itu gampang (diaksés tanggal 12 November 2011)